19 Februari 2008

AQIDATUL AWAM

AQIDATUL AWAM

1. Ngawit abdi ku nyebat Allah nu welas
Nu miasih nu ihsana teras lawas

2. Sugri puji ka Allah nu khodim awal
Nu akhir teu ruksak teu robah tur kekal

3. Lajeung rohmat salam Allah salamina
Ka Nabi nu pangsaena tauhid na

4. Kawargina ka sohabat kanu tumut
Kana jalan agama haq teu ngabeulut

5. Sanggeus kitu sing nyaho yen wajib nyaho
Rong puluh sifat wajib Allah tong poho

6. Allah aya tipayun taya wiwitan
Langgeung teu ruksak ka mahluk nyulayaan

7. Sugih ti mahluk nu Esa nu Jumeneng
Nu kawasa nu kersa nu maha terang

8. Nu ngadangu nu ningali nu ngadawuh
Tambih sifat ma’ani nu nyusun tujuh

9. Kawasa kersa ngadangu tur ningali
Jumeneng terang ngadawuh heunteu lali

10. Wenang ku kurniana tur kaadilan
Tinggal kabeh mungkin kawas midameulan

11. Ngutus para Nabi palinter balener
Ngadugikeun amanah tara jalingeur

12. Sifat jalma wenang dihaq na ambiya
Nu teu ngurangan lir sakit teu bahaya

13. Nabi wajib karaksa lir malaikah
Malah ngarunggulan para malaikah

14. Nu mustahil mah lawan sifat nu wajib
Jumlah lima puluh pek talar pan wajib

15. Deui dua lima Nabi nu wincik
Wajib nyaho mukalaf talar sing telik

16. Hiji Adam, Idris, Nuh, Hud nu kaopat
Soleh, Ibrohim sadayana di taat

17. Luth, Ismail salapan Ishaq teu benteun
Yaqub, Yusuf, Ayub nu taat teu kinteun

18. Syueb, Harun, Musa, Yasa ka geneplas
Dzulkifli, Daud tur Sulaiman nu ikhlas

19. Ilyas, Yunus tur Zakaria, Yahya
Isa nu akhir Toha tong sulaya

20. Muga rohmat salam Allah ka ambiya
Kawargina salagina dinten aya

21. Malah mah hamba teu rama teu ibuan
Tara tuang leueut tara ka kuleuman

22. Sapuluh rincian na kahiji Jibril
Mikail, Isrofil ka opat Azroil

23. Munkar, Nakir lajeung Roqib nu katujuh
Atid, Malik sapuluh Ridwan nu patuh

24. Opat induk kitab nu rincian nana
Hiji Taurot turun ka Musa lungsurna

25. Dua Zabur ka Daud, Injil lungsurna
Ka Isa Furqon ka mahluk pangsaena

26. Tambih suhud Nabi Kholil, Nabi Kolim
Pinuh ku dawuh nu maha hakim alim

27. Sakur syare’at nu dicandak ku Rosul
Mestina pasrah tarima tong matanghul

28. Iman urang kana poe akhir wajib
Jeung sakur kajadianana nu ajib

29. Akhirna rek nutur sesana nu wajib
Ka mu’kalaf ti saantero nu wajib

30. Nabi urang Muhammad nu janten Rosul
Ka alamin janten rohmat nu pinunjul

31. Ramana Abdullah ti Abdul Mutholib
Ti Hasyim ti Abdu Manaf nasab karib

32. Ibuna Aminah bangsa Juhriyah
Lajeung nginang ka Halimah Sa’diyah

33. Lahir di Mekah nagri nu amankeun
Wafat di Toyibah kota nu dicaangkeun

34. Waktos nampi wahyu cacap opat puluh
Yuswa Nabi langkung tina genep puluh

35. Tujuh pala putra Nabi nu tiluan
Pameugeut tah kitu hasil pamahaman

36. Qosim nu kahiji, kadua Abdullah
Nu kadua ku Toyib Tohir katelah

37. Tilu sayid Ibrohim ti hiji istri
Ku mariyah hadiah ti raja Kibti

38. Sajabi Ibrohim, Khodijah ibuna
Nyeta nu genep sing rakeut sadayana

39. Opat putri Nabi nu bade ditutur
Ridho Gusti ka sadayana ka catur

40. Fatimah nu suci garwa Iman Ali
Nu dua putrana Shibtu nu ungguli



1 komentar:

YAMIFA mengatakan...

assalamu'alaikum ...kang mana terasan nana...abdi peryogi yeuh kangge barudak ngaos.. nuhun...